18 November 2010

Carita di bulan November

SMS ti pun Bapak dina siang eta singket pisan ...SOS...ibu geubis di jamban teu tiasa gugah...teu lami dokter nguningakeun yen ibu katarajang stroke haemorargi, kasakit anu diakibatkeun ku pecahna pembuluh getih dina otak kusabab tekanan darah tinggi anu naek ngadadak.

Ayeuna, nincak minggu kalima, kaayaan ibu masih teu walakaya......Ya Allah Anjeun Maha Uninga kana naon-naon anu bakal tumiba ka mahlukna. mung ka anjeun abdi neda pitulung, paparin kasehatan kanggo pun biang ya Allah...

Teuwasa simkuring ningali kaayaan Ibu anu teu walakaya, sok kasawang sakitu Ibu teh resep pisan gadag-gidig boh pangaosan di sababaraha tempat oge ilubiung dina kagiatan taawwun di tempat pangaosanna.

Rabbi...mungguhing anjeun anu Maha Kawasa, mung ka anjeun abdi tumeda...Anjeun anu welas asih, Anjeun anu uninga kana sagala rupina, mugi pun biang dipaparin katawekalan oge sim kuring sadudulur.


Sagigireun eta, dina November ieu oge, abdi teu ngaleungitkeun kana kanyaah Anjeun ya Allah...
Alhamdulillah....akhirna Mamah sareng Apa tiasa angkat ka Mekkah dina tahun ieu, mungguhing kersaning Allah anu kawasa, anu maparin rizki ka mahlukna. Kapungkur mah asa jajauheun ngimpi oge asa teu wantun. Ningali kaayaan .... Rabbi mungguhing Anjeun anu maparin nikmat ageung sareng nikmat alit, ningali mamah sareng Apa tiasa angkat nanjeurkeun sumanget dina hate...Insya Allah abdi putera-putera Mamah Apa tiasa angkat dina taun-taun kapayun...