02 Februari 2009

Basa Sunda kumaha bejana...

Asa geus lawas pisan kuring tara maca buku anu make basa Sunda. Sok inget jaman baheula bapa kuring sok langganan majalah Mangle atawa Suara Daerah anu mangrupakeun buku pikeun anggota PGRI. Harita sok pogot pisan macaan carita pondok atawa carita nyambungna. Kabehdieunakeun mah asa rada hese manggihan buku basa Sunda teh, mun aya oge asa teu pati alus jejer caritana.

Minggu kamari basa ulin ka perpustakaan bet manggihan buku anu alus pisan, matak kataji ku eusi, teu salah da eta buku teh mangrupakeun autobiografina Prof. Drs. HR. Muhtar Affandi Rektor UNPAS manten, oge pernah jadi Pupuhu Paguyuban Pasundan. Buku ieu medarkeun carita rupa-rupa kajadian anu kungsi kaalaman ku anjeunna, anu ngalaman hirup dina jaman Walanda jeung Jepang. Ku kabeneran deuih geuning anjeunna teh urang Jampang Kulon, ari sakolana di HIS jeung MULO Sukabumi, bari dilengkepan ku poto- poto wangunan Walanda jaman baheula asa wararaas nempona. Sanajan bukuna kandel tapi caritana teu matak bosen, matak betah ngilona.

Buku nu hiji deui mah mangrupakeun kumpulan essay Ajip Rosidi anu kungsi dimuat dina majalah Mangle, eusina rupa-rupa pisan, lolobana mah carita anu ditulis titimangsana keur di Osaka. ti mimiti paguneman ihwal ejahan basa Sunda npikeun ka surat-surat pribadi anu dimuat oge ku majalah mangle, da alus pikeun dibaca ku sarerea.

Hanjakal pisan ieu buku anu aralus teh teu bisaeun dibaca ku barudak, rumasa barudak teh teu ngalartieun basa Sunda anu asli kieu mah, majarkeun teh hese...nyaeta atuh caritana cicing di Sukabumi ari ngobrol sapopoe make basa Indonesia da lamun diajak ngobrol ku basa sunda oge ngajawabna teh pasti we ku basa Indonesia, hanjakal pisan...