02 Februari 2009

Basa Sunda kumaha bejana...

Asa geus lawas pisan kuring tara maca buku anu make basa Sunda. Sok inget jaman baheula bapa kuring sok langganan majalah Mangle atawa Suara Daerah anu mangrupakeun buku pikeun anggota PGRI. Harita sok pogot pisan macaan carita pondok atawa carita nyambungna. Kabehdieunakeun mah asa rada hese manggihan buku basa Sunda teh, mun aya oge asa teu pati alus jejer caritana.

Minggu kamari basa ulin ka perpustakaan bet manggihan buku anu alus pisan, matak kataji ku eusi, teu salah da eta buku teh mangrupakeun autobiografina Prof. Drs. HR. Muhtar Affandi Rektor UNPAS manten, oge pernah jadi Pupuhu Paguyuban Pasundan. Buku ieu medarkeun carita rupa-rupa kajadian anu kungsi kaalaman ku anjeunna, anu ngalaman hirup dina jaman Walanda jeung Jepang. Ku kabeneran deuih geuning anjeunna teh urang Jampang Kulon, ari sakolana di HIS jeung MULO Sukabumi, bari dilengkepan ku poto- poto wangunan Walanda jaman baheula asa wararaas nempona. Sanajan bukuna kandel tapi caritana teu matak bosen, matak betah ngilona.

Buku nu hiji deui mah mangrupakeun kumpulan essay Ajip Rosidi anu kungsi dimuat dina majalah Mangle, eusina rupa-rupa pisan, lolobana mah carita anu ditulis titimangsana keur di Osaka. ti mimiti paguneman ihwal ejahan basa Sunda npikeun ka surat-surat pribadi anu dimuat oge ku majalah mangle, da alus pikeun dibaca ku sarerea.

Hanjakal pisan ieu buku anu aralus teh teu bisaeun dibaca ku barudak, rumasa barudak teh teu ngalartieun basa Sunda anu asli kieu mah, majarkeun teh hese...nyaeta atuh caritana cicing di Sukabumi ari ngobrol sapopoe make basa Indonesia da lamun diajak ngobrol ku basa sunda oge ngajawabna teh pasti we ku basa Indonesia, hanjakal pisan...

8 komentar:

gun9 mengatakan...

Ari Prof Affandi saudaraan Afandi pelukis thea smuhun Zakk? ari nami na sarua pan biasana sodara... kuring sih nganggapna kitu...

duh alus meuren geuning teh buku..

he2...sori..ingat basa sunda..

Zakki Zainun mengatakan...

Begini nih kalau orang Lombok ngomong Sunda, pabaliut....he he

Iyalah mereka bersaudara, sama-sama punya nama Affandi..

fiet rahman mengatakan...

Abdi teh teu nyaho nyarios Sunda, sumuhun...

Hadian mengatakan...

Hapunten, ngawitna mah asa teu percanten ieu teh tulisan Teh Zakky, soalnya sae pisan bahasana ngalir sapertos dinu mangle wae. Janten emut kapungkur waktos anyar2 keneh ngumbara ka Medan, masih keneh sok langganan mangle. Kadieunakeun mah pleng weh...jadina kieu yeuh, ngomong sunda teh teu pararuguh.

hatur nuhun Teteh tos ngemutkeun deui ka bali geusan ngajadi.

Hadian mengatakan...

Ari kuringmah, sakalieun keur ngubaran kasono kalembur teh sok rajeun nganjang ka Babakan Kusnet (komunitas urang sunda di internet) wae. Mun geus ulin kadinya..baliknya pasti sok nyeri pipi...pedah loba teuing seuseurian sorangan, terutama mun muka bobodoran. Ku barudak jeung indungna mah sok diledekan..."tengok.papa kayak org gila...ketawa ketiwi sendiri" cekna teh. Puguh da maranehna mah teu ngalartieun.

genk mengatakan...

trim zakc

Hens88 mengatakan...

Upami Zakki oge sesah milarian bacaan nu ngangge basa sunda, komo deui sim Abdi nu parantos lami ngumbara di Padang. Sanawis sami-sami pengkerna kulon (Jawa Barat sareng Sumatera Barat) nanging basana benten pisan. Kapungkurmah aya paguyuban pasundan tapi kadieunakeun rada melempem teras pareum. Katambih-tambih kenging bojo urang padang atuh sadiditen nyariosteh basa minang we. Sono mah sono nanging bade dikumahakeun, upami nyarios nyorangan pasti diseungseurikeun ku batur atuh.

Hens88 mengatakan...

Zakk.. kumaha wartosna teh Dinni.. sono hoyong pa amprok jongok. Atuh pasihan abdi no HP-na.